Si Kabayan Udud


Dina hiji peuting Kabayan nyungkeun ‘jatah” ka bojona nyi Iteung.
Singket carita, tos subuh weh.
Dasar si Kabayan, hudang sare teh bet kalahka neangan dompet bako, terus ngalinting bako ku pahpir, tuluy du sundut, pelenyun weh udud. Meni peureum beunta, komo pas keur nyedot haseup mah.
“Naha seungit bako teh asa beda, boa-boa” gerentes hate Kabayan, panasaran tuluy manehna ngambuan curuk jeung jajangkungna.
“kasebelan ieu geuning nu bau teh
”Kalakuan sikabayan siga kitu teh di titenan ti tatadi ku nyi Iteung, celengkeung teh nyi Iteung ngomong :
“Nu matak kang, ari geus ngarambet teh, ulah langsung mumuluk kana udud, kukumbah heula atuh, angguran mah lain geura mandi”.
“Aeh enya nya, pan peuting teh tos ngarambet sawah sakotak, tapi rarasaan mah da teu nyambel ieu teh, tapi curuk bet bau tarasi……
’ ceuk si Kabayan bari ngaleos…..
Budak Bageur